Minggu, 01 Mei 2016

NOVEL MUNGGARAN DINA BASA SUNDA



BARUANG KA NU NGARORA, Novel Sunda anu munggaran medal judulna Baruang ka Nu Ngarora (BKNK).
BKNN dikarang ku D.K. Ardiwinata (1866-1947), guru Sakola Menak di Bandung. Muncul lantaran harita aya pangrojong ti Pamaréntah Kolonial keur nyusun bahan-bahan bacaan anu bisa ngadidik masarakat Bumiputraa sangkann boga moral anu hadé jeung keur nyumponan kabutuh kana bahan bacaan di sakola-sakola.
Eusina nyaritakeun cinta segitiga antara Nyi Rapiah Ujang Kusén, jeung Aom Usman. Nyi Rapiah, urang Pasar ditikahkeun ka Ujang Kusén, nu sarua anak sudagar ti Pasar. Saenyana Nyi Rapiah geus neundeun haté ka Aom Usman, anak ménak. Tapi hubungan Nyi Rapiah jeung Aom Usman teu disatujuan ku Bapana Aom Usman anu turunan ningrat.
Aom Usman henteu eureun ngagoda Nyi Rapiah, sanajan geus boga salaki. Antukna, lantaran tuluy-tuluyan diganggu ku Aom Usman, Ujang Kusén mawa pamajikanana pindah ka lembur nu jauh ti kota. Tapi Aom Usman henteu kapok, Nyi Rapiah diculik ti lemburna sarta disumputkeun ku Aom Usman. Nyi Rapiah ménta ditalak ku Jang Kusén. Lantaran keuheul ka Nyi Rapiah, antukna Ujang Kusén mirak Nyi Rapiah. Ti dinya Nyi Rapiah dikawin ku Aom Usman.
Ujang Kusén prustasi. Minangka panglumpatanana manéhna jadi resep kana mabok jeung judi. Nepi ka hiji mangsa kapanggih maling harta kolotna, sarta ditéwak ku pulisi jeung dibuiAri rumah tanggana Nyi Rapiah jeung Aom Usman teu runtut raut, da Aom Usman horéng geus dikawinkeun ku kolotna ka istri nu papada turunan ménak. Jadi, Nyi Rapiah téh ukur jadi istri kaduana. Atuh keur jadi istri kadua, turug-turug teu disatuan ku kolot-kolotna. Hirup Nyi Rapiah antukna sangsara batin.